Senin, Oktober 01, 2012

Cinta Bihari, Cara Bihari, Jaman Kiwari

Posted: Kangjeng Ratu Nada Asih

     Saestuna, kuring mahluk kiwari nu ngarasa saperti mahluk bihari. Geus jamanna serba maju, tapi naha kuring ngarasa mundur deui katukang? Ka jaman dimana serba hese beleke komunikasi. Padahal kuring boga Handphone, kuring ge boga Fb, Twitter. Kitu deui anjeunna.

      Sarua saperti kuring. anjeunna ge boga Fb, Twitter. Bahkan anjeun oge boga BB. Tapi naha bet anjeun kieu teuing ka kuring. Anjeun leuwih modern batan kuring. Oke, kuring nampi eta sadaya. Tapi. . . .  naha anjeun alim patepang dina social media nu aya?


Anjeun memang ukur anjeun. Teu kungsi kuring pinanggih jalan pikir anjeun. Eta nu ngalantarankeun kuring masih tetep panceg na hate ka anjeun.

Taya sabab kuring mikanyaah ka anjeun. Lain cinta mun aya sababna. Memang kitu nyatana. Rasa ieu teh aya sorangan, teu kapaksa.

Cinta urang teh mangrupa cinta bihari, cara bihari, jaman kiwari. Ti saprak ngawitan patepang soca dugikeun ayeuna, angger cara mikadeudeuhna teu siga batur ka bebeureuhna. Cek anjeun ge "lain dulur salembur, baraya sakota apaleun. cekap urang duaan nu terang." tah kitu cara anjeun mah.

Sanajan kahayang kuring mah teu kitu, tapi mun seug diemutan deui, kuring resep cara anjeunna mikanyaah kuring. Sok sanajan sakapeung kuring mah hayang balarea apal, tapi karasa leuwih romantis kieu mun seug dipikir bolak balik, direka dirasa-rasa mah.

Panceg dina hate kuring anjeun cicing :-)

0 comments:

Posting Komentar

Harewoser yang baik adalah Harewoser yang menunjukkan jati dirinya pada Kangjeng Ratu dengan kritik dan saran agar tidak terjadi kontroversi kemakmuran pada distrik Harewosland. Hatur Nuhun.

Terjemahan

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...

 

Harewosland Copyright © 2012 Design by Antonia Sundrani Vinte e poucos