Senin, Oktober 01, 2012

Aya ku Ayana, Nyata ku Datangna

Posted: Kangjeng Ratu Nada Asih

Anjeun teh aya, anjeun teh nyata. Carita ieu teh nyata, anjeun teh aya. 

Batur mah teu uningaeun, batur mah teu paham. Ukur urang duaan hungkul nu apal jalan carita urang kieu nyatana. Nyatana anjeun teh nyumputkeun kuring ti babaturan anjeun. Na iraha atuh kuring bisa cumarita ka batur ngeunaan kabagjaan jeung anjeun teh? Na memang teu kudu batur arapaleun???

Mun seug kitu mah horeng anjeun teh kalahkah leuwih milih ngaku disebutan jeung batur tibatan jeung kuring nu disumput salindungkeun. Saha atuh kuring teh sabenerna dina hate anjeun? Na kieu nu ngaranna cinta teh? Cinta kudu disumput salindungkeun?

Sok sanajan kieu kabiasaan anjeun, angger hate mah moal bisa ngabohong yen dalah dikumaha oge tetep hate ieu ka anjeun. Urang silih paham yen boh anjeun, boh kuring, tetep silih mikanyaah sok sanajan batur teu arapaleun. anjeun hiji-hijina keur kuring, kuring hiji-hijina keur anjeun.

0 comments:

Posting Komentar

Harewoser yang baik adalah Harewoser yang menunjukkan jati dirinya pada Kangjeng Ratu dengan kritik dan saran agar tidak terjadi kontroversi kemakmuran pada distrik Harewosland. Hatur Nuhun.

Terjemahan

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...

 

Harewosland Copyright © 2012 Design by Antonia Sundrani Vinte e poucos