Senin, Oktober 01, 2012

Aya ku Ayana, Nyata ku Datangna

Posted: Kangjeng Ratu Nada Asih 0 comments

Anjeun teh aya, anjeun teh nyata. Carita ieu teh nyata, anjeun teh aya. 

Batur mah teu uningaeun, batur mah teu paham. Ukur urang duaan hungkul nu apal jalan carita urang kieu nyatana. Nyatana anjeun teh nyumputkeun kuring ti babaturan anjeun. Na iraha atuh kuring bisa cumarita ka batur ngeunaan kabagjaan jeung anjeun teh? Na memang teu kudu batur arapaleun???

Cinta Bihari, Cara Bihari, Jaman Kiwari

Posted: Kangjeng Ratu Nada Asih 0 comments

     Saestuna, kuring mahluk kiwari nu ngarasa saperti mahluk bihari. Geus jamanna serba maju, tapi naha kuring ngarasa mundur deui katukang? Ka jaman dimana serba hese beleke komunikasi. Padahal kuring boga Handphone, kuring ge boga Fb, Twitter. Kitu deui anjeunna.

      Sarua saperti kuring. anjeunna ge boga Fb, Twitter. Bahkan anjeun oge boga BB. Tapi naha bet anjeun kieu teuing ka kuring. Anjeun leuwih modern batan kuring. Oke, kuring nampi eta sadaya. Tapi. . . .  naha anjeun alim patepang dina social media nu aya?

Terjemahan

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...

 

Harewosland Copyright © 2012 Design by Antonia Sundrani Vinte e poucos